Riwayat Hirup

  1. Wasta abddi Nugraha anus sok dipanggil Nunu, Nunu mangrupa jajaka asli Karawang kalahiran 05 Desember 1993, Nunu mangrupa Putra kadua tipasangan Ibu Mariah sareng Bapa Rahman, Abdi gaduh lanceuk Cikal anu wastana Nuryasin, sareng rai bungsu anu wastana Ajeng Mega Julia, Abdi gaduh dulur lalaki wastana Yoga ,yoga mangrupa anak angkat Ibu Rama abdi, Yoga geus kawas adi beuteung abdi sorangan sabab tileuleutik waktos ti orok beureum geus bareng jeung abdi Yoga geus kawas musuh abdi, sobat abdi, rai abdi. Tapi anu remen mah jadi musuh bebuyutan gkgkgkg naha kitu sabab umurna ge teu jauh benten pirage benten sataun dua taun.
Abdi lebet ka SD waktos umur tujuh taun rada telat asupna kusabab kabiasaan ti kulawargi upami rek asup sakola nya umur sakitu heuheu , abdi SD di SDN Karang Anyar 4. Alhamdulillah kenging wae prestasi rengking kahiji minangkana (somseu ^^) tapi Cuma nepi ka kelas 5, kadituna mah kenging rengking 2 (kucewa T_T), waktos SMP neraskeun ka SMP N 2 KLARI (DOEKLAR 701), Waktos SMP asa minder asa pangkolotna #HIKS,HIKS, tapi teu kunanaon ketang PD Weh sanajan hate mah teu bisa dibobodo
Ari dipoyokan kitu the era pisan hadena weh pinter silat,,,,(silat lidah maksudna heheh), pas smp kelas 3 parantos UN abdi ngarasakeun prustasi palaur teu lulus UN..parantos ngadagoan hasil UN ahirna lulus oge NEm na teu ngerakeun teuing lah,,paranto eta masih keneh prustasi bingung rek neraskeun akola kamana. Asalnamah rek ka SMA 1 Klari. Tapi aya nungusulkeun ka STM wae . tungtungamah asup STM oge ayeunamah SMK ketang anu tepatna di SMK 1 Purwakarta angkatan 2010 asup ka jurusan Komputer JAringan. Abdi masih keneh pusing hanjakal malah asup kajurusan ieu da kapaksa nuturkeun kahayang kolot katambah di bumi teu gaduh computer (hikhiks), asa kumaha kitu nempo babaturan ngajarinjing leptop (curhat kabita heu). Parantos babara bulan abdi ditawaran ngendong di bengkel Komputer, abdi mikir heula paurna teu diijinan ku kolot tapi Alhamdulillah kolotmah ngijinan bae..#jengjengjeng tungtungnamah ayeuna nyanghareupan computer sakieu lobana, asalna hoyong meser computer kusabab ayeunamah tos cicing di bengkel computer jadi teu kahoyongeu deui meser computer the hahaha.
Kusabab cicing di Purwakarta jadi asa jadi urang Purwakarta, jujur weh abdi mah apalan keneh jalan-jalan anu aya di Purwakarta daripada di Karawang sorangan, insya aloh abdi mah hoyong ngarir di Purwakarta hoyong cicing di purwakarta. Tapi etamah ngan cita-cita salawasna eta mah rasia gusti Aloh.

Rabu, 03 Agustus 2011

Posting Komentar