SMK NEGERI 1 PURWAKARTA REK JADI SAKOLA RSBI


Waktos senen kapungkur saparos biasana ngayakeun upacara bandera dilapangan upacara , Alhamdulillah jalana upacara teh lancer-lancar wae, kitu oge abdi sareng rrencangan tim paduan suara Alhamdulillah teu aya kakurangan ,,eiit aya ketang kakurangan mah sabab manusa mah taya nu sampurna lian ti lagunha kang andra and the backbone mah hehehe,,,,
                Pas Pembina upacara ngucapkeun pesan-pesan, aya pesan anu mawa bungah tapi nimbulkeun ka khawatiran na hate sim kuring theh, nyaeta saurna SMK NEGERI 1 PURWAKARTA teh keenging ISO (Internasional Standar Organization) yen SMK NEGERI 1 PURWAKARTA the bakal janten sakola RSBI nyaeta sakola anu tarapna internasional tea majar, tapi abdi bingung kumaha hate asa teu genah, sapakanyahoan abdi mah sakola anu boga titel RSBI the pasti bayarana mahal m loba bayaran ieu lah itu lah,,mun abdi anak jelema gaduh mah nya sabodo teuing rek bayarana mahal oge boding abet lah, tapi abdi mah da cuman jalma teu mampu anu niat rk nimba elmu tea,,,,heup ah eta mah cuman pamikir abdi doank haying the sing the mun sakola rek jadi RSBI anu standarna Internasional nu penting mah bayarana angger teu mahal , sanajan tarafna internasional u penting mah tarifna maracang,, amin

Jumat, 16 September 2011 Leave a comment

Kenging Jawara


Dua sasih kapungkur di SMK1 Purwakarta nyaeta sakola abdi OSIS ngayakeun  acara Pankreas hahaha lucunya asa nguping eusi patuangan tapi kedap heula Pankreas the sanes eta tapi singkatan tina Pekan Kreatifitas Seni Siswa, dian ajang eta aya acara nyanyi, ngagambar, akustikan, sareng puisi. Heek,, pas nguping aya lomba gambar sareng nyanyi abdi teras daftar meunang teu meunang kudu meunang baaaah…pas acara gambar abdi ngagambar budak nu ngojay rek sakola, abd teu yakin bisa meunang tapi tetep weh ngadu’a supaya meunang #amin…enjing pas aya lomba nyanyi abdi kabagean nyanyi anu pangheulana ,anu jadi pamuka, aduuuh emih asa daregdeg rek naek kapanggung bulu hiris singpuriding,, ah cuek weh anggap anu di lalajo di hareup teh tangkal cau doing wkwkkw…pas nyanyi abdi nyanyi lagu Malaysiaan “iklim-Suci Dalam Debu” anu mang rupa lagu kenangan waktos SMP hihihi…teu yakin bias meunang abdi lomba nyanyi tapi Alhamdulillah tampilna tos maksimallah.. meunang teu meunang kumaha isukan we lah
“ya alloh mudah-mudahan kenging janten jawara”#ngad’ua

Isukanna

Deg,deg,deg,deg,deg,deg,deg,deg,,!!!!,,,jantung ngadegdeg nungguan hasi lomba
Hasilna,,,,,,,

Jeng-jeng-jeng….!!

*Juara 1 Lomba Menggambar jatuh kepada Nugraha asal kelas 1KJ!
Alhamdulillah meunang oge,,,cihuuuy

Teras eta aya pengumuman deui anu juara lomba nyanyi

*Juara 1 lomba menyanyi jatuh kepada……Novita 1KJ3

#asa lemes ngupingkeuna, pasti moal meunang hiks,hiks

*juara 2 lomba nyanyi jatuh kepada Nugraha 1KJ2,,

Alhamdulillahh,,, cihuuuuyyy meunang oge lomba nyanyi juara 2 teu sia-sia ngaluarkeun tenaga dala pas lomba nyanyi hiihihihi,,, juara du age teu kunanaon lah, iyeu yeuh anu di sebut Anugerah keur Nugraha..#plaaaak

Rabu, 03 Agustus 2011 Leave a comment

Budak Bengkel

Parantos sasemester langkuang Abdi janten budak bengkel, kahirupan adi bengkel anu jauh jeung kolot ngedahkeun abdi kudu hirup mandiri(-_-). Tapi teu kuananaon ketang abdi resep da nyeseuh sorangan sanajan hoream oge kadang-kadang, dibengkel abdi teu nyalira aya rerencangan abdi si Kiki sareng si Diki, aya oge kang Cucu senior anu tiheula cicing di bengkel computer, masing-masing karakterna beda , jadi unggal poe pasti aya weh (aya naonnya???), aya nudipikaribut,dipikasebel dipikaomong,, tapi eta anu jadi bumbu kakulawargaan diantara urang sadayana. Kagiatan dibengkel, beda jalmi beda oge karesepna Upami Nunu mah resep maen coreldraw sareng photoshop, pokonamah desain grapis nunu mah resep pisan lah heueheu, upami Si kiki mah resepna ngutak-ngatik computer, ngabongkar computer jeung ngadownload anu ukurana galede makana si Kang Cucu sok ngambek.. soalna ngaganggu kanu sejen heuheu si Kiki oge sok di sebut Jurig Download padah manehna sok ngadownload wae hahaha, tah upami si Diki mah gawena ngan Facebukaaaaaan weh ,,kesel abdi mah sok ngarepotkeun jalmina the, pisebeleun, baweeel,tapi bageur manehna paling ngora di bengkel, abdi mah sok manggil si adik atanapi dikun ka si Diki teh , mun ieu kang Cucu senior jalmina gendut ,gawena maen game wae, belaan teu kulem ngabelaan maen game wae …hadeuuuh kumaha sih akang gkgkggk tapi anjeunna geus jarang ngendong ayeunamah kusabab sibuk PKL tea,, asa kangen cumin mun aya sok pisebelen oge sok bikin emosi (tahan huft). Eh enya hilap hiji deui aya kang Asep , mun kang Asep mah teu jauh beda sareng kang Cucu cumin kang Asep mah teu poho teuing kana waktu , kanga sep oge senior na budak bengkel hanjakal rada borangan kang Asep teh gkgkkg paling kagugu amun keur ngajailan kang Asep teh,,,,,

Bersambung…..^^

Leave a comment

Riwayat Hirup

  1. Wasta abddi Nugraha anus sok dipanggil Nunu, Nunu mangrupa jajaka asli Karawang kalahiran 05 Desember 1993, Nunu mangrupa Putra kadua tipasangan Ibu Mariah sareng Bapa Rahman, Abdi gaduh lanceuk Cikal anu wastana Nuryasin, sareng rai bungsu anu wastana Ajeng Mega Julia, Abdi gaduh dulur lalaki wastana Yoga ,yoga mangrupa anak angkat Ibu Rama abdi, Yoga geus kawas adi beuteung abdi sorangan sabab tileuleutik waktos ti orok beureum geus bareng jeung abdi Yoga geus kawas musuh abdi, sobat abdi, rai abdi. Tapi anu remen mah jadi musuh bebuyutan gkgkgkg naha kitu sabab umurna ge teu jauh benten pirage benten sataun dua taun.
Abdi lebet ka SD waktos umur tujuh taun rada telat asupna kusabab kabiasaan ti kulawargi upami rek asup sakola nya umur sakitu heuheu , abdi SD di SDN Karang Anyar 4. Alhamdulillah kenging wae prestasi rengking kahiji minangkana (somseu ^^) tapi Cuma nepi ka kelas 5, kadituna mah kenging rengking 2 (kucewa T_T), waktos SMP neraskeun ka SMP N 2 KLARI (DOEKLAR 701), Waktos SMP asa minder asa pangkolotna #HIKS,HIKS, tapi teu kunanaon ketang PD Weh sanajan hate mah teu bisa dibobodo
Ari dipoyokan kitu the era pisan hadena weh pinter silat,,,,(silat lidah maksudna heheh), pas smp kelas 3 parantos UN abdi ngarasakeun prustasi palaur teu lulus UN..parantos ngadagoan hasil UN ahirna lulus oge NEm na teu ngerakeun teuing lah,,paranto eta masih keneh prustasi bingung rek neraskeun akola kamana. Asalnamah rek ka SMA 1 Klari. Tapi aya nungusulkeun ka STM wae . tungtungamah asup STM oge ayeunamah SMK ketang anu tepatna di SMK 1 Purwakarta angkatan 2010 asup ka jurusan Komputer JAringan. Abdi masih keneh pusing hanjakal malah asup kajurusan ieu da kapaksa nuturkeun kahayang kolot katambah di bumi teu gaduh computer (hikhiks), asa kumaha kitu nempo babaturan ngajarinjing leptop (curhat kabita heu). Parantos babara bulan abdi ditawaran ngendong di bengkel Komputer, abdi mikir heula paurna teu diijinan ku kolot tapi Alhamdulillah kolotmah ngijinan bae..#jengjengjeng tungtungnamah ayeuna nyanghareupan computer sakieu lobana, asalna hoyong meser computer kusabab ayeunamah tos cicing di bengkel computer jadi teu kahoyongeu deui meser computer the hahaha.
Kusabab cicing di Purwakarta jadi asa jadi urang Purwakarta, jujur weh abdi mah apalan keneh jalan-jalan anu aya di Purwakarta daripada di Karawang sorangan, insya aloh abdi mah hoyong ngarir di Purwakarta hoyong cicing di purwakarta. Tapi etamah ngan cita-cita salawasna eta mah rasia gusti Aloh.

Leave a comment