Kenging Jawara


Dua sasih kapungkur di SMK1 Purwakarta nyaeta sakola abdi OSIS ngayakeun  acara Pankreas hahaha lucunya asa nguping eusi patuangan tapi kedap heula Pankreas the sanes eta tapi singkatan tina Pekan Kreatifitas Seni Siswa, dian ajang eta aya acara nyanyi, ngagambar, akustikan, sareng puisi. Heek,, pas nguping aya lomba gambar sareng nyanyi abdi teras daftar meunang teu meunang kudu meunang baaaah…pas acara gambar abdi ngagambar budak nu ngojay rek sakola, abd teu yakin bisa meunang tapi tetep weh ngadu’a supaya meunang #amin…enjing pas aya lomba nyanyi abdi kabagean nyanyi anu pangheulana ,anu jadi pamuka, aduuuh emih asa daregdeg rek naek kapanggung bulu hiris singpuriding,, ah cuek weh anggap anu di lalajo di hareup teh tangkal cau doing wkwkkw…pas nyanyi abdi nyanyi lagu Malaysiaan “iklim-Suci Dalam Debu” anu mang rupa lagu kenangan waktos SMP hihihi…teu yakin bias meunang abdi lomba nyanyi tapi Alhamdulillah tampilna tos maksimallah.. meunang teu meunang kumaha isukan we lah
“ya alloh mudah-mudahan kenging janten jawara”#ngad’ua

Isukanna

Deg,deg,deg,deg,deg,deg,deg,deg,,!!!!,,,jantung ngadegdeg nungguan hasi lomba
Hasilna,,,,,,,

Jeng-jeng-jeng….!!

*Juara 1 Lomba Menggambar jatuh kepada Nugraha asal kelas 1KJ!
Alhamdulillah meunang oge,,,cihuuuy

Teras eta aya pengumuman deui anu juara lomba nyanyi

*Juara 1 lomba menyanyi jatuh kepada……Novita 1KJ3

#asa lemes ngupingkeuna, pasti moal meunang hiks,hiks

*juara 2 lomba nyanyi jatuh kepada Nugraha 1KJ2,,

Alhamdulillahh,,, cihuuuuyyy meunang oge lomba nyanyi juara 2 teu sia-sia ngaluarkeun tenaga dala pas lomba nyanyi hiihihihi,,, juara du age teu kunanaon lah, iyeu yeuh anu di sebut Anugerah keur Nugraha..#plaaaak

Rabu, 03 Agustus 2011

Posting Komentar