Budak Bengkel

Parantos sasemester langkuang Abdi janten budak bengkel, kahirupan adi bengkel anu jauh jeung kolot ngedahkeun abdi kudu hirup mandiri(-_-). Tapi teu kuananaon ketang abdi resep da nyeseuh sorangan sanajan hoream oge kadang-kadang, dibengkel abdi teu nyalira aya rerencangan abdi si Kiki sareng si Diki, aya oge kang Cucu senior anu tiheula cicing di bengkel computer, masing-masing karakterna beda , jadi unggal poe pasti aya weh (aya naonnya???), aya nudipikaribut,dipikasebel dipikaomong,, tapi eta anu jadi bumbu kakulawargaan diantara urang sadayana. Kagiatan dibengkel, beda jalmi beda oge karesepna Upami Nunu mah resep maen coreldraw sareng photoshop, pokonamah desain grapis nunu mah resep pisan lah heueheu, upami Si kiki mah resepna ngutak-ngatik computer, ngabongkar computer jeung ngadownload anu ukurana galede makana si Kang Cucu sok ngambek.. soalna ngaganggu kanu sejen heuheu si Kiki oge sok di sebut Jurig Download padah manehna sok ngadownload wae hahaha, tah upami si Diki mah gawena ngan Facebukaaaaaan weh ,,kesel abdi mah sok ngarepotkeun jalmina the, pisebeleun, baweeel,tapi bageur manehna paling ngora di bengkel, abdi mah sok manggil si adik atanapi dikun ka si Diki teh , mun ieu kang Cucu senior jalmina gendut ,gawena maen game wae, belaan teu kulem ngabelaan maen game wae …hadeuuuh kumaha sih akang gkgkggk tapi anjeunna geus jarang ngendong ayeunamah kusabab sibuk PKL tea,, asa kangen cumin mun aya sok pisebelen oge sok bikin emosi (tahan huft). Eh enya hilap hiji deui aya kang Asep , mun kang Asep mah teu jauh beda sareng kang Cucu cumin kang Asep mah teu poho teuing kana waktu , kanga sep oge senior na budak bengkel hanjakal rada borangan kang Asep teh gkgkkg paling kagugu amun keur ngajailan kang Asep teh,,,,,

Bersambung…..^^

Rabu, 03 Agustus 2011

Posting Komentar